Pages

Kamis, 25 Februari 2016

sejarah karinding

Sumebarna[édit | édit sumber]

Karinding sumebar kalawan lega di wewengkon Banten jeung Jawa Kulon. Ari di Banten, utamana aya di kampung Gajéboh wewengkon adat Baduy. Di Jawa kulon aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang, PasirmuktiCineamTasikmalaya, lingkung Karinding Sadulur (Kasalur), Cikeunten Mangkubumi, (Tasikmalaya), Lingkung Karinding Tunggal Ciamis, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung. Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri. Hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. Karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).

Cara Nabeuhna[édit | édit sumber]

Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun). Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.
Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara semu ditiup ku hawa tina baham. Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis mouth harp sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahél kahiji, anu kadua maké rahél kadua, jeung saterusna.
Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora anu mirip sora wirahma waditra séjén, antarana bae sora kendanggoongsaron bonangatawa bassrhytmmelodi jeung sajabana. Malah ku karinding bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Ceuk kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.

Mangpaatna[édit | édit sumber]

Karinding teh dipercaya boga mangpaat pikeun pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuhna gagang karinding ku tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning werengsimeutjangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Sanajan kitu, can aya panalungtikan ilmiah anu husus ngulik perkara sora karinding patali jeung mangpaatna kana ngusir hama. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma

0 komentar:

Posting Komentar